---

ᮠᮤᮙ᮪ᮕᮥᮔᮔ᮪ ᮝᮁᮌᮤ ᮎᮤᮃᮔ᮪ᮏᮥᮁ

ᮃᮒᮞ᮪ ᮄᮏᮤᮔ᮪ ᮃᮜᮣᮂ ᮞ᮪.ᮝ᮪.ᮒ᮪. |᮳| ᮕᮤᮤᮜᮁ ᮘᮥᮓᮚ ᮎᮤᮃᮔ᮪ᮏᮥᮁ ᮒᮨᮜᮂ ᮞᮂ ᮓᮤ ᮕᮨᮁᮓ ᮊᮔ᮪

ᮌᮥᮛᮤᮜᮕ᮪ (ᮞᮙ᮪ᮘᮜ᮪ ᮘᮝᮀ ᮊᮨᮛᮤᮤᮀ)

ᮞᮙ᮪ᮘᮜ᮪ ᮚᮀ ᮛᮞᮑ ᮞᮦᮔ᮪ᮞᮞᮤᮇᮔᮜ᮪!!!

ᮎᮤᮤᮜᮧᮊ᮪ ᮊᮢᮤᮞ᮪ᮕᮤᮤ ᮙᮧᮐᮛᮦᮜ ᮞᮤᮜᮚᮥᮀ

ᮎᮨᮙᮤᮜᮔ᮪ ᮒᮢᮓᮤᮤᮞᮤᮇᮔᮜ᮪ ᮒᮨᮁᮘᮛᮥᮊᮔ᮪ ᮘᮨᮁᮄᮞᮤ ᮊᮦᮏᮥ ᮙᮧᮐᮛᮦᮜ!!!

ᮊᮎᮀ ᮘᮝᮀ ᮞᮤᮜᮚᮥᮀ

ᮛᮨᮑᮂ ᮌᮥᮛᮂ ᮓᮔ᮪ ᮔᮤᮊ᮪ᮙᮒ᮪ ᮌᮧᮛᮦᮀ ᮊᮎᮀ ᮘᮝᮀ ᮠᮞ᮪ ᮎᮤᮃᮔ᮪ᮏᮥᮁ!

ᮅᮜᮦᮔ᮪ ᮄᮞᮤ ᮞᮤᮜᮨᮌᮤᮒ᮪

ᮞᮒᮥ ᮜᮌᮤ ᮎᮨᮙᮤᮜᮔ᮪ ᮠᮞ᮪ ᮎᮤᮃᮔ᮪ᮏᮥᮁ ᮒᮨᮁᮘᮛᮥᮊᮔ᮪ ᮅᮜᮦᮔ᮪ ᮄᮞᮤ ᮓᮨᮍᮔ᮪ ᮘᮨᮘᮨᮛᮕ ᮗᮛᮤᮃᮔ᮪ ᮄᮞᮤ!!!

ᮞᮊᮧᮜ ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮎᮤᮃᮔ᮪ᮏᮥᮁ

ᮝᮓᮂ ᮓᮤ ᮙᮦᮓᮤᮃ ᮞᮧᮞᮤᮃᮜ᮪ ᮚᮀ ᮘᮨᮁᮙᮤᮔᮒ᮪ ᮘᮨᮜᮏᮁ ᮙᮨᮔᮥᮜᮤᮞ᮪ ᮓᮔ᮪ ᮙᮨᮙ᮪ᮘᮎ ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ

ᮕ᮪.ᮕ᮪.ᮞ᮪. ᮒᮕᮊ᮪ ᮈᮜᮀ ᮎᮤᮃᮔ᮪ᮏᮥᮁ;

ᮙᮨᮜᮨᮞ᮪ᮒᮛᮤᮤᮊᮔ᮪ ᮞᮨᮔᮤ ᮘᮥᮓᮚ ᮕᮨᮔ᮪ᮎᮊ᮪ ᮞᮤᮤᮜᮒ᮪ ᮙᮨᮜᮜᮥᮄ ᮕᮢᮦᮞ᮪ᮒᮞᮤ

Friday, 26 May 2017

MARI BER-ISLAM A'LA BUNG HATTA

ISLAM A'LA BUNG HATA
"ISLAM DAMAI"

KALAU ada kesempatan, cobalah membandingkan membaca buku biografi dua pionir proklamasi kemerdekaan bangsa kita: Ir. Sukarno dan Dr. Hatta. Di sana Anda akan menemukan berjibun perbedaan dan (cuma) segelintir persamaan di antara mereka. Dalam buku biografi yang ditulis Cindy Adams, Bung Karno: Penyambung Lidah Rakyat Indonesia, presiden RI pertama itu terlihat memiliki karakter yang lincah, pemberani, humoris, suka bicara, pemikir revolusioner, dan tidak bisa jauh dari kasih sayang perempuan.

Sebaliknya, dalam buku yang ditulisnya sendiri, Untuk Negeriku: Sebuah Otobiografi, Bung Hatta menunjukkan karakter yang berseberangan sama sekali dengan rekannya. Bung Hatta lebih kalem, santun, banyak diam, gemar membaca, pemikir evolusioner, hampir tak pernah bercanda, masa bodoh dengan perempuan, dan lebih islami. Sifat terakhirnya inilah yang membuat saya sedikit kaget di awal. Saya yakin, jika Anda membaca memoarnya (terutama pada jilid pertama) dengan khusyuk, kurang lebih akan terceletuk komentar, “Lah, ini buku biografi intelektual atau kumpulan ceramah agama? Adem banget bacanya.”

Usut punya usut, ternyata wakil presiden bernama asli Mohammad Athar itu masih keturunan Syekh Abdul Rahman, ulama dan ahli tarekat terkemuka di wilayah Sumatera, Kalimantan, dan Malaya. Lingkungan agama yang kuat di Bukittinggi, tempat Bung Hatta tinggal dan tumbuh besar, ditambah menjadi anggota keluarga besar ahli agama, membuat pendidikan Islam Bung Hatta pada masa kecil tidak diragukan lagi. Nilai-nilai keislaman yang dipelajarinya dari keluarga dan guru-gurunya seakan sudah menubuh dalam setiap tindakannya. Bahkan, saking islaminya keluarga Bung Hatta, ia pernah berencana melanjutkan studinya ke Mekkah dan Kairo, meski rencana itu tidak terlaksana dan akhirnya Bung Hatta malah mengembara ke Jakarta dan Rotterdam.

Suatu hari, Bung Hatta pernah bercerita tentang Perang Padri yang berlangsung di Sumatera Barat mulai tahun 1820-an hingga awal 1840-an. Perang Padri berawal dari pertentangan kaum adat dan kaum agama. Kaum agama yang baru datang dari Mekkah, yang di sana terpengaruh sikap keras dan puritan dari kaum Wahabi, hendak membersihkan agama Islam di Minangkabau yang bercampur tradisi. Bung Hatta sangat menyayangkan perang saudara yang berlangsung di daerahnya tersebut. Apalagi konfrontasi ini diperparah dengan pihak kolonial yang ikut menunggangi kaum adat untuk memuluskan kepentingannya. Hal ini mengindikasikan bahwa agama merupakan alat pemecah belah umat yang sangat efektif.

“Mereka lupa bahwa hukum yang setinggi-tingginya dalam Islam ialah damai,” kata Bung Hatta mengkritik perang tersebut. “Damai membawa kesejahteraan kepada segala golongan dan memperbesar rasa bakti kepada Tuhan Yang Mahakuasa. Di atas dasar damai itu Nabi Muhammad SAW membiarkan berlaku hukum kebiasaan di Tanah Arab yang menjamin keselamatan umum. Tetapi menurut kebiasaan, pengikut-pengikut baru dalam Islam yang belum memahami ajaran Islam seluruhnya untuk dunia dan akhirat lebih fanatik dibandingkan dengan Rasul dan pengikut-pengikut yang pertama,” lanjutnya.

Ucapan Bung Hatta, saya rasa, sangat esensial dalam mengartikan sebuah agama. Cita-cita “Islam Damai” pada dasarnya akan terus relevan sampai kapan pun, bahkan sampai zaman kiwari. Argumentasi Bung Hatta bisa menjadi tamparan keras pada pipi umat Islam Indonesia jika melihat kondisi beberapa tahun belakangan ini. Meski tidak sampai terjadi perang, tapi kasus-kasus kekerasan, intimidasi, intoleransi, kesewenang-wenangan mayoritas terhadap minoritas, sangatlah memalukan. Andai Bung Hatta masih hidup, saya kira beliau akan memarahi kita dengan berkata, “Apa kalian tidak pernah belajar dari sejarah? Hah?”

Di sisi lain, Bung Karno pernah bercerita soal polemiknya dengan Bung Hatta tentang cara meraih kemerdekaan. Bung Karno menginginkan kemerdekaan yang cepat, yaitu dengan memimpin rakyat melawan penjajah secara terang-terangan. Bung Karno menyadari bahwa akan ada banyak rakyat yang gugur dalam perjuangan ini, tapi gugurnya ribuan rakyat itu bukanlah masalah besar jika kelak bisa menyelamatkan ratusan juta orang dari cengkeraman penjajah. Bung Hatta menentang keras cara ini. Bagi Bung Hatta, dalam sebuah perjuangan jangan sampai ada satu pun nyawa yang melayang. Ia pun menawarkan cara yang lebih halus, yaitu dengan mendidik rakyat supaya sadar dan mampu melawan penjajah dengan cara yang lebih “terdidik”. Meski perebutan kemerdekaan ala Bung Hatta akan memakan waktu lama, namun tak akan ada nyawa ribuan rakyat yang hilang.

Kita melihat jiwa humanis Bung Hatta begitu besar. Sifat kemanusiaan ini dalam Islam merupakan bagian dari maqashid as-syari’ah (tujuan utama syariat), yaitu hifdz al-nafs alias hak untuk hidup. Inilah yang dipertahankan Bung Hatta untuk merebut kemerdekaan.

Sikap Bung Hatta tidak terlepas dari pengalamannya saat hidup bersama keluarga besarnya di Bukittinggi. Bung Hatta pernah menceritakan kedekatannya dengan sang kakek yang ia panggil Pak Gaek. Pak Gaek memiliki 18 ekor kuda di pekarangannya. Kuda-kuda itu dibuatnya untuk mengantar pos dengan gerobak dari Bukittinggi ke Sibolga. Untuk mengurus kuda-kudanya, Pak Gaek mempekerjakan beberapa pembantu. Perlakuan mulianya terhadap para pembantunya inilah yang menjadi pelajaran membekas pada Bung Hatta saat kecil. Ia sering dinasihati kakeknya soal nilai-nilai kemanusiaan dalam kehidupan. “Kita sama-sama manusia. Kalau tidak karena mereka, tak dapat aku mengerjakan pekerjaan sebanyak itu,” kata Pak Gaek suatu hari.

Ada banyak cara berislam dewasa ini. Allah menurunkan al-Qur’an sebagai pedoman hidup yang berisi kebenaran untuk seluruh umat manusia. Namun tak lantas secara tiba-tiba semua manusia menjadi otomatis benar. Setiap orang selalu memiliki cara pemahamannya sendiri yang kemudian terwujud menjadi caranya berislam. Di sini, karakter Bung Hatta sedikit banyak menunjukkan berislam ala dirinya sendiri. Barangkali, berislam ala Bung Hatta yang mengutamakan “Islam Damai” dan humanisme itu bisa kita jadikan satu teladan. Wallahhua’lam.

Mohammad Pandu. Esais; mencintai buku dan pohon. Pegiat aktif di komunitas Gusdurian Jogja.

Share:

Thursday, 25 May 2017

MARHABAN YAA RAMADHAN


MOHON MAAF LAHIR DAN BATIN,
Semoga Ibadah kita selalu mendapatkan 
limpahan rahmat dan hidayahNya
amin yra...


advertising area:


Share:

Wednesday, 24 May 2017

NGAN UKUR SA-JAM!

NGAN UKUR SAJAM!
pepeling diri

HIJI mangsa budak leutik datang ka bapana pok nanya: “Bapa, naha urang tiasa hirup tanpa dosa salami hirup urang? “ Bapada mencrong ka nu jadi anak bari pok ngajawab : “Moal bisa, ujang!”

Si Ujang molohok ka bapana, bari pok nanya deui: “Bapa, naha urang bisa hirup tanpa dosa dina sataun?” Bapana mencrong deui ka nu jadi anakna bari gogodeg bari imut kanu jadi anakna, tandaning moal bisa.
”Aduh bapa, kumaha lamun sabulan, naha bisa urang hirup tanpa dosa ngan sabulan bari tanpa ngalakukeun kasalahan?” Bapana seuri, ”Sigana moal bisa, ujang …”

”Muhun atuh Bapa, ieu patarosan nu pamungkas ti Ujang, …. Naha urang bakal bisa ngalakonan hirup tanpa dosa sajam baé?” Akhirna bapana unggeuk. “Bisa jadi bisa, ujang …”. Si Ujang seuri bungah tur marahmay. 

”Lamun kitu, bapa, ujang bakal hirup nu bener ti jam ka jam, …. Asa langkung gampil ngalakonanana, sarta Ujang seja ngajaga ti jam ka jam, anu akhirna bisa hirup kalawan hadé tur bener. “

Pananyaan si Ujang ieu ngandung bebeneran nu sajati. Hayu urang hirup ti mangsa ka mangsa, kalawan ngimeutan cara urang ngalakonan kahirupan ieu. Ti mimiti latihan nu pangénténgna jeung pangleutikna tur anu pangbasajanna. Tinangtu bakal ngajadikeun urang biasa jeung lamun geus biasa dilakonan tinangtu bakal jadi sifat. Tina sifat bakal robah jadi akhlak.

Hayu lakonan HIRUP SA-JAM – “TANPA”: 
Tanpa KAAMBEK,
Tanpa HATÉ NU CODÉKA,
Tanpa PIKIRAN NU NEGATIP,
Tanpa NGAGOGORÉNG DEUNGEUN,
Tanpa KASARAKAHAN,
Tanpa KABOROSAN,
Tanpa KASOMBONGAN,
Tanpa NGABOHONG,
Tanpa KAPALSUAN…

Tuluy balikan deui sajam sabadana, HIRUP SA-JAM – “KALAWAN”:
Kalawan NYAAH TUR ASIH,
Kalawan DAMÉY,
Kalawan KASABARAN,
Kalawan HANDAP ASOR,
Kalawan JEMBAR MANAH,
Kalawan WENING GALIH,
Kalawan KAJUJURAN,
Kalawan KAIKHLASAN,
Jeung satuluyna…jst….jst…

Prak mimitian ti jam ieu, 1 jam nu basajan, tapi kacida harti tur mangfaatna keur ngambah lalakon 10 taun kahareup, malahan nepi ka akhir hayat!




Padukuhan Pakujajar, 
Ki Ajar Sunyapada jujuluk Jagasatru 6
Share:

Tuesday, 23 May 2017

artikel: ᮕᮜᮞᮤᮕᮂ ᮑᮊᮧᮜ-ᮑᮔ᮪ᮒᮤᮊ-ᮑᮥᮔ᮪ᮓ-ᮑᮔ᮪ᮒᮢᮤ| PALASIPAH "NYAKOLA-NYANTIKA-NYUNDA-NYANTRI"

ᮘᮠᮞᮔ᮪ ᮕᮜᮞᮤᮤᮤᮕᮂ
ᮑᮊᮧᮜ-ᮑᮔ᮪ᮒᮤᮊ-ᮑᮥᮔ᮪ᮓ-ᮑᮔ᮪ᮒᮢᮤ

BAHASAN PALASIPAH
NYAKOLA – NYANTIKA – NYUNDA -- NYANTRI


ᮑᮊᮧᮜ
ᮞᮜᮂ ᮞᮠᮤᮏᮤ ᮠᮜ᮪ ᮃᮔᮥ ᮙᮤᮤᮔ᮪ᮓᮨᮀ ᮕᮛ ᮌᮥᮛᮥ ᮙᮀᮞ ᮊᮤᮝᮛᮤ ᮏᮓᮤᮤ ᮓᮥᮙᮛᮨᮓ ᮑᮆᮒ ᮔᮜᮤᮊ ᮓᮤᮒᮑ ᮍᮩᮔᮃᮔ᮪ ᮖᮥᮀᮞᮤ ᮄᮔ᮪ᮞ᮪ᮒᮤᮤᮒᮥᮞᮤᮤ ᮞᮊᮧᮜ. ᮞᮘᮨᮔᮨᮁᮔ ᮘᮞᮏᮔ᮪ ᮕᮤᮤᮞᮔ᮪, ᮖᮥᮀᮞᮤ ᮞᮊᮧᮜ ᮑᮆᮒ ᮕᮤᮊᮩᮔ᮪ ᮍᮝᮍᮥᮔ᮪ ᮕᮛᮤᮕᮧᮜᮂ! ᮃᮔᮥ ᮃᮔ᮪ᮒᮥᮊ᮪ᮔ ᮃᮚ ᮊᮄᮒᮔᮔ ᮏᮩᮀ ᮄᮉ ᮒᮦᮂ ᮌᮩᮞ᮪ ᮜᮤᮜ ᮕᮤᮞᮔ᮪ ᮞᮘᮨᮔᮨᮁᮔ ᮅᮛᮀ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮙᮤᮝᮔᮧᮂ ᮊᮔ ᮕᮜᮞᮤᮕᮂ ᮞᮊᮧᮜ. ᮞᮊᮧᮜ ᮍᮛᮥᮕᮊᮩᮔ᮪ ᮕᮛᮤᮕᮧᮜᮂ ᮃᮒᮝ ᮞᮤᮊᮨᮕ᮪ ᮃᮊᮓᮨᮙᮤᮞ᮪ ᮃᮔᮥ ᮊᮎᮤᮓ ᮏᮨᮜᮞ᮪ ᮒᮥᮀᮒᮥᮔᮔᮔ ᮓᮤᮔ ᮃᮜ ᮋᮥᮛ'ᮃᮔ᮪.

NYAKOLA
Salah sahiji hal anu mindeng para guru mangsa kiwari jadi dumareuda nyaéta nalika  ditanya ngeunaan  fungsi institusi sakola. Sebenerna basajan pisan, fungsi sakola nyaéta pikeun ngawangun paripolah! Anu antukna aya kaitanana jeung ieu téh geus lila pisan sabenerna urang Sunda miwanoh kana palasipah sakola. Sakola ngarupakeun paripolah atawa sikep akademis anu kacida jelas tungtunanana dina Al Qur'an.

"Jeung mangkadé anjeun ulah nurutan  (migawé) sarupaning bab anu anjeun henteu miboga élmuna, saenyana pangrungu, paninggal, jeung haté sakumna bakal dipénta tanggung jawabna." [al Isra:36] Pangjéntré palasipah sakola nyaéta kumaha urang dina maripolah sapopoéna, pangpangna dina migawé hiji ham, kudu dumasar kana disiplin élmu anu jelas. Patani jeung élmu tanina, politisi jeung élmu politikna, tentara jeung ilmu militerna, padagang jeung élmu dagangna, guru jeung élmu atikanana, jeung sajabana. Manusa nu nyakola bakal katinggali ogé dina mangsa manéhna ngomong atawa nepilein hiji argumen. Sabab didasaran ku élmu satuluyna argumen-argumen atawa kekecapanana bisa babari dipiharti ku pihak lian.

Sikep nyakola  ogé bakal nyegah urang  gampil dihasut atawa diprovokasi. Manusa anu nyakola bakal nalungtik jeung nimbang-nimbang saasak-asakna dina mangsa narima pangajak pikeun ancrub kana salah sahiji pasualan atawa kaayaan. Sikep nyakola mawa urang kana kaayaan pinuh ku panimbang-tarayju jeung pinuh ku panalungtikan dina harti anu positif.

Sshadé-hadéna institusi nu pangwangun sikep nyakola (idealna) nyaéta sakola formal. Parandéné kitu ieu lain “harga mati”. Henteu saeutik anu mampuh ngawasa sarupaning kaahlian tanpa ngaliwatan margana sakola. Jadi, dina kaitan kaayeunakeun, sikep nyakola henteu kudu “berbanding lurus” jeung kahontalna daria sakola. Kacindekan: Sikep nyakola nyaéta paripolah dumasar kana skala kepinteran intelegensia (IQ).

ᮑᮔ᮪ᮒᮤᮊ
ᮑᮔ᮪ᮒᮤᮊ ᮃᮞᮜ᮪ᮔ ᮒᮤᮔ ᮊᮨᮎᮕ᮪ ᮞᮔ᮪ᮒᮤᮊ ᮃᮔᮥ ᮠᮁᮒᮤᮔ ᮃᮒᮤᮊᮔ᮪. ᮓᮤᮔ ᮊᮧᮔ᮪ᮒᮦᮊ᮪ᮞ᮪ ᮄᮉ ᮑᮆᮒ ᮃᮒᮤᮊᮔ᮪ ᮃᮔᮥ ᮌᮨᮙ᮪ᮘᮣᮨᮀ ᮃᮔᮥ ᮠᮨᮔ᮪ᮒᮩ ᮍᮔ᮪ ᮓᮤᮤᮠᮧᮔ᮪ᮒᮜ᮪ ᮍᮜᮤᮤᮝᮒᮔ᮪ ᮙᮁᮌ ᮓᮛᮤᮃ ᮞᮊᮧᮜ. ᮞᮤᮊᮨᮕ᮪ ᮑᮔ᮪ᮒᮤᮊ ᮙᮤᮘᮧᮌ ᮓᮍᮤᮃᮍ ᮃᮔᮥ ᮘᮦᮓ ᮓᮤᮘᮔ᮪ᮓᮤᮀᮊᮊᮊᮩᮔ᮪ ᮏᮩᮀ ᮞᮤᮊᮨᮕ᮪ ᮑᮊᮧᮜ. ᮜᮙᮥᮔ᮪ ᮞᮤᮊᮨᮕ᮪ ᮑᮊᮧᮜ ᮘᮧᮌ ᮒᮥᮏᮥᮃᮔ᮪ ᮓᮤᮔ ᮊᮙᮙ᮪ᮕᮥᮃᮔ᮪ ᮄᮔ᮪ᮒᮨᮜᮨᮌᮦᮔ᮪ᮞᮤᮤ ᮃᮛᮤ ᮞᮤᮊᮨᮕ᮪ ᮑᮔ᮪ᮒᮤᮊ ᮙᮂ ᮔᮨᮊᮨᮔ᮪ᮊᮩᮔ᮪ ᮓᮤᮔ ᮕᮍᮝᮞᮔ᮪ ᮆᮙᮧᮞᮤᮇᮔᮜ᮪. ᮏᮜ᮪ᮙ ᮃᮔᮥ ᮙᮤᮘᮧᮌ ᮞᮤᮊᮨᮕ᮪ ᮑᮊᮧᮜ ᮒᮔ᮪ᮕ ᮓᮤᮄᮛᮤᮀᮊᮩᮔ᮪ ᮊᮥ ᮞᮤᮊᮨᮕ᮪ ᮑᮔ᮪ᮒᮤᮊ ᮘᮊᮜ᮪ ᮏᮓᮤ ᮏᮜ᮪ᮙ ᮞᮧᮙ᮪ᮘᮧᮀ, ᮆᮌᮧᮄᮞ᮪, ᮏᮩᮀ ᮃᮛᮧᮌᮔ᮪ ᮃᮒᮝ ᮙᮨᮛᮨᮊᮨᮓᮨᮝᮨᮀ.

NYANTIKA
Nyantika asalna tina kecap santika anu hartina atikan. Dina konteks ieu nyaéta atikan anu gembleng anu henteu ngan dihontal nvaliwatan marga daria sakola. Sikep nyantika miboga dangiang anu béda dibandingkeun jeung sikep nyakola. Lamun sikep nyakola boga tujuan dina kemampuhan intelegensi ari sikep nyantika mah nekeunkeun dina pangawasaan emosional. Jalma anu miboga sikep nyakola tanpa diiringkeun ku sikep nyantika bakal jadi jalma sombong, egois, jeung arogan atawa merekedeweng.

Sikep nyantika nyaéta saluyu jeung dawuhan Allah swt dina Al Quran: "Sakumna (manusa) ka jalan Rabb-anjeun jeung hikmah atikan anu hadé jeung tolak maranéhanana ku cara anu hadé" (Q.S. An-Nahl : 125).

Secara operasional, urang Sunda miboga sawatara babasan anu sabenerna sacara universal ngaujuk kana ayat di luhur. Babasan saperti malapah gedang jeung caina herang laukna beunang nyaéta salah sahiji contona. Paribas atawa babasan éta mangrupa pesen turun-tumurun subagé "pusaka" malahmandar urang Sunda ngajauhan tina sikep konfrontatif anu tangtu bakal ngahasilkeun kontra produktif. Mangabad-abad lilana nyatana urang Sunda aya dina cita rasa anu luhur  dina hal human relation. Sahiji ajén nilai anu perlu dilestarikeun sakuat tanaga.

Kacindekan : Sikep nyantika nyaéta paripolah anu dumasar kana skala kapinteran emosional (EQ).

ᮑᮥᮔ᮪ᮓ
ᮘᮠᮩᮜ ᮘᮜᮛᮨᮃ ᮅᮛᮀ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮠᮤᮛᮥᮕ᮪ ᮓᮤᮔ 'ᮄᮞ᮪ᮙᮨ' ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮃᮔᮥ ᮌᮨᮙ᮪ᮘᮣᮨᮀ. ᮒᮂ ᮄᮉ ᮃᮔᮥ ᮓᮤᮔ ᮏᮙᮔ᮪ ᮔ ᮓᮤ ᮄᮞ᮪ᮒᮤᮤᮜᮂᮊᮩᮔ᮪ ᮞᮥᮘᮌᮨ 'ᮑᮥᮔ᮪ᮓ'. ᮞᮨᮔ᮪ᮓᮤᮤ-ᮞᮨᮔ᮪ᮓᮤᮤᮤ ᮊᮠᮤᮛᮥᮕᮔ᮪ ᮞᮕᮨᮁᮒᮤ ᮆᮊᮧᮔᮧᮙᮤ, ᮕᮧᮜᮤᮒᮤᮊ᮪, ᮞᮧᮞᮤᮃᮜ᮪, ᮘᮥᮓᮚ, ᮕᮨᮁᮒᮠᮔᮔ᮪ ᮏᮩᮀ ᮊᮃᮙᮔᮔ᮪ ᮞᮊᮥᮙ᮪ᮔ ᮓᮥᮙᮞᮁ ᮊᮔ ᮄᮞ᮪ᮙᮨ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ. ᮓᮤᮤᮔ ᮠᮜ᮪ ᮘᮥᮓᮚ ᮙᮤᮞᮜ᮪ᮔ ᮒᮤ ᮙᮤᮤᮙᮤᮒᮤ ᮞᮨᮔᮤ, ᮘᮞ, ᮘᮥᮞᮔ, ᮒᮦᮊ᮪ᮔᮧᮜᮧᮌᮤᮤ ᮔᮨᮕᮤᮊ ᮕᮓᮥᮙᮥᮊᮔ᮪ ᮏᮩᮀ ᮕᮀᮃᮔ᮪ᮏᮢᮨᮊᮔ᮪, ᮊᮘ ᮦᮠᮔᮔ ᮓᮥᮙᮞᮁ ᮊᮔ ᮘᮥᮓᮚ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ.

NYUNDA
Baheula balaréa urang Sunda hirup dina “isme” Sunda anu gembleng. Tah ieu anu dina jamanna diistilahkeun subagé “nyunda”. Sendi-sendi kahirupan saperti ekonomi, politik, sosial, budaya, pertahanan, jeung kaamanan sakumna dumasar kana isme Sunda. Dina hal budaya misalna: ti mimiti seni, basa, busana, teknologi, nepi ka padumukan jeung panganjrekan, kabéhanana dumasar kana budaya Sunda.

Sajalan jeung waktu sendi-sendi kasebut hiji-hiji jadi udar. Anu utamana leupas tangtuna agama. Hal ieu kacida “kasat mata” anu antukna mayoritas urang Sunda ayeuna ngagem Islam. Kondisi anu tangtuna baé kacida dipihanjeluna ku maranéhna anu masih dalit nganut agama karuhun. Parandéné kitu tangtu baé henteu dipikahanjakal, samalah disyukuran, ku urang Sunda anu boga kayakinan yén Islam téh hiji-hijina agama anu haq.

Tah kitu leupasna sendi-sendi kasebut, leupas hiji hiji anu antukkna ngan nyésa hiji sendi wungkul anu kondisina geus di tungtung tanduk. Sendi éta nyatana basa Sunda!

Jaman  aeyuna konsep nyunda tangtu hkudu diséréd. Sacara nyantika urang tangtu teu bisa ngondisikeunana, komo deui kalayan dipaksa, supaya urang Sunda bisa nyunda dina harti siga jaman baheula. Kumaha bisana urang meredih barudak ngora jaman ayeuna kuliah kalayan make calana pangsi, kameja kamprét, iket barangbang semplak, jeung mawa laptop ngagunakeun kanjut kundang. Urang ogé henteu  mungkin masang beungeut sangar nalika para nonoman ngadéngékeun lagu-lagu milik Nining Meida AS  ku basa Sunda tapi dipirig ku musik diatonis. Tuluy naha aya  syarat pangiritna supaya urang Sunda disebut nyunda ? Aya, nyaéta lamun manéhna daék ngagunakeun basa Sunda wakti “berkomunikasi” jeung sasama urang Sunda. Tangtu dina kontes "tepat waktu sesuai tempat".

Kajaba sendi agama, sabenerna sikep nyunda bisa dibalikkeun kana konsep awalna. Tangtu baé saluyu jeung babasan “nincak hambalan” saluyu jeung prioritas. Jeung prioritas yeuna nyaéta ngupayajen nyegah sangkan basa Sunda henteu leungi lebih ilang tanpa karana. Ieu penting pisan ngingetkeun yén basa téh syarat minimal manusa Sunda bisa disebut nyunda.

Kacindekanana: Syarat minimal hiji jelema disebut nyunda nyaéta daék ngomong ku basa Sunda.

ᮑᮔ᮪ᮒᮢᮤ
ᮊᮨᮎᮕ᮪ ᮑᮔ᮪ᮒᮢᮤ ᮘᮧᮌ ᮊᮧᮔᮧᮒᮞᮤ ᮏᮩᮀ ᮏᮨᮜᮨᮙ ᮃᮔᮥ ᮙᮜᮥᮛᮥᮂ ᮆᮜᮙᮥ ᮃᮌᮙ ᮄᮞᮜᮙ᮪ ᮓᮤ ᮕᮞᮔ᮪ᮒᮢᮦᮔ᮪. ᮠᮜ᮪ ᮄᮉ ᮙᮞᮤᮂ ᮦᮊᮔᮂ ᮏᮓᮤ ᮕᮛᮓᮤᮌ᮪ᮙ ᮘᮜᮛᮦᮦᮃ ᮓᮤ ᮙᮞᮛᮊᮒ᮪ ᮥᮅᮛᮀ ᮍᮤᮍᮨᮒ᮪ᮊᮩᮔ᮪ ᮃᮚᮔ ᮓᮧᮒᮧᮙᮤ ᮃᮔ᮪ᮒᮛ ᮓᮦᮖᮤᮔᮤᮞᮤ ᮞᮊᮧᮜ ᮊᮔ ᮓᮦᮖᮤᮔᮤᮞᮤ ᮕᮞᮔ᮪ᮒᮢᮦᮔ᮪.

NYANTRI
Kecap nyantri boga konotasi jeung je;ema anu maluruh lmu agama Islam di pesantrian atawa pesantrén. Hal ieu masih kénéh jadi paradigma balaréa di masyarakat urang ngingtkeun ayana dikotomi antara definisi sakola kana definisi pesantrén. Henteu babari meresihan paradigma ieu sanajanayeuna geus loba pesantrén modern anu sacara komprehensif henteu ngan ngatik imtaq tapi ogé iptek. Mangkan dina konteks ieu panulis kudu "ngéléhan" tina paradigma umum anu nempatkeun pesantrén subagé institusi atikan anu orientasina ngan wungkul dina masalah imtaq.

Iman jeung taqwa nyaéa dua parameter sakaligus barometer Islam anu “berbanding lurus". Beuki luhu rkadar iman hiji jalma beuki raket kataqwaanana. Ki deui sabalikna. Taqwa mindeng dikaitkeun kana Allah jeung iman. Malahan taqwa mimitina tinai iman. Taqwa tumuwuh tina iman. Iman nyaéta perkara asas anu perlu dipeka di jero haté jalma leuwih ti heula. Lamun iman anu dipelak téageus sajati kakara bakal lahir taqwa dina diri éta jalma. Sabab iman téh hambalihambalan, henteu sakabéh hambalan iman bisa ngahasilkeun taqwa. Jalma anu iman can tangtu taqwa. Tapi jalma anu taqwa geus tangtu imanna.

Dawuhan Allah ta’ala:
"Saenyana jalma-jalma anu ariman téh  ngan jalma anu lamun disebutkeun nami  Allah tuluy ngageter haté maranéhanana téh, jeung lamun dibacakeun ka maranéhanana ayat-ayat Kami tuluy beuki nambahan kaimananana téh. (QS. al-Anfal: 2)

Taqwa nyaéta kumpulan skumna kahadéan anu hakékatna mangrupa parippolaj hiji jalma pikeun nangtayungan dirina tina hukuman Allah jeung kataatan anu sagemblengna ka Mantenna. Asal-usul taqwa nyaéta ngajaga tina kamusyrikan, dosa jeung kajahatan sarta hal-hal anu matak jadi cangcaya (syubhat).

Dawuhan Allah dina surat Ali Imran ayat 102 anu unina, “Geura taqwa anjeun skaumna jeung sebener-benerna taqwa jeung sam-sakali anjeun ulah maot kajaba dina kaayaan muslim”, boga harti yén Allah kudu diturut jeung henteu ditolak, diiinget jeung henteu dipopohokeun, ditasyakuran jeung henteu dipapalérkeun.

Kacindekan : Sikep nyantri nyaéta paripolah anu dumasar kana iman jeung taqwa (imtaq). Dina élmu psikologi ngadeukeutanana nyaéta sikep anu dumasar kana  skala kapinteran spiritual (SQ)

Ku:   Manik Sundayana
Share:

JAGAD RAYA - JAGAD INGSUN

Anggitan Mapag Srangéngé:
JAGAD RAYA - JAGAD INGSUN

Mangsa karumatna kasadaran, jagad raya ngarungu sarta jiwa kosong milu ngomong: 
"Anjeun wujud Agung Kula anu karungkup di jero jagad leutik wujud jeung pikiran manusa…

Anjeun wujud leutik Kula nu keur tumuwuh sangkan bisa éling kana hakékat diri Kula anu agung…. 

Anjeun téh jagad-raya nu keur diajar wawanohan jeung dirina pribadi… 

Anjeun téh nu méré tanpa dipénta…

Anjeun téh nu kalibet tanpa kudu dilipet…

Anjeun pangajén anu henteu kawengku ku ajén tina pilihanana

Anjeun téh kasadaran tanpa wates dina wujud na kawates
Anjeun téh kapinteran nu teu kawates nu kakonci dina pikiran nu kawates.
Manusa lain mahluk hirup nu keur bajuang ngajugjug cahaya, tapi mahluk cahaya nu keur aya di jero wujud manusa… keur hirup jeung molah lalakon kaduniawian..

Lamun kuring geus teu percaya deui ka Gusti, jadi saha deui nu bisa dipercaya ku kuring?
Naha wujud manusa téh lain kitab suci nu pangkahotna nu ditulis sorangan ku Sang Cipta?
Manusa téh taya lian ngan jagad raya nu keur wawanohan jeung dirina sorangan…..

Padukuhan Pakujajar di Pasir Pari - 22 Mei 2017
Ki Dharmasetiawan Natapradja
Share:

tausyiah: 7 (TUJUH) CICIREN KABAGJAAN

TUJUH CICIRÉN KABAGJAAN

Baraya Rahimakumullah.
Sadaya puji kagungan Allah swt, anu parantos ngawajibkeun ka urang sadayana kana ngalakonan rupi rupi ibadah, sim kuring nyaksian saestuna teu aya deui pangéran anu hak disembah anging gusti Allah, anu ngagaduhan kautamian sareng pirang-pirang kani’matan, sareng sim kuring nyaksian kana saéstunya kanjeng Nabi Muhammad saw. hambana Allah sarenùg RasulNa anu ngagaduhan karamah anu sampurna. Shalawat miwah salam pamugi tetep linunturan ka kangjeng Nabi Muhammad saw. ka kulawarginya sareng sahabatna anu marulya.

Ibnu Abbas ra ngajéntrékeun yén aya 7 (tujuh) ciri kabagjaan di dunya nyaéta:
1). QOLBUN SYAKIRUN, atawa haté nu salawasna tasyakur atawa syukuran kana sagala anu ditarima; Hartina jalma anu salawasna narimakeun naon nu aya (qona'ah), sarta henteu boga ambisi anu kaleuleuwihi, jalma ieu moal ngalaman ‘stress’, tah ieu nikmat keur haté jalma anu salawana syukuran.

2). AL-AZWAJU SHALIHAH, nyaéta jalma anu boga pasangan hirup anu sholéh anu bakal nyiptakeun suasana imah jeung kulawarga anu sakinah, mawwadah tur warrahmah.

3). AL-AULADUL ABRAR, nyaéta jalma nu boga anak sholéh tur sholéha. Do'a anak anu sholéh ka kolotna dijamin dikabulkeun ku Alloh, numatak kacida bagjana hiji kolot anu miboga anak sholéh/sholéhah.

4). AL-BIATU SHOLIHAH, nyaéta ayana lingkungan anu tumaninah keur kaimanan urang. Rasulullah saw dumasar kana ayat Al Qur’an, nganjurkan ka urang supaya salawasna babarengan jeung jalma-jalma anu salawasna ngajak kana kahadéan jeung ngélingan lamun aya kasalahan, wattawa shaubil haq, wattawa shaubil shabr.

5). AL-MALUL HALAL, atawa harta anu halal. Lain ku lobana harta-banda nu dipiboga tapi halalna harta nu dipimilik. Harta anu halal bakal ngaanggangkeun sétan dina haté. Haté jadi beresih, suci jeung kuat anu tuluyna méré katingtriman hirup. Kacida bagjana jalma anu salawasna taliti ngajaga kahalalan harta bandana.

6). TAFAKUH FID-DIEN, atawa sumanget dina nalar jeung nyuprih perkara agama. Ku ayana diajar élmu agama, urang bakal beuki mikacinta kana agama jeung beuki luhur cintana ka Alloh jeung Rasulna. Cinta ieu anru bakal méré cahaya kana haténa.

7). UMUR ANU BAROKAH. Hartina umur anu beuki kolot beuki barokah mawa kana kasholéhan, satiap detikna nu kasorang dieusi ku amal ibadah. Beuki kolot beuki sono hayang pendak sareng Sang Khalik. Tah ieu sumanget hirup jalma-jalma anu barokah umurna. Wallohu A'lam.

Dina mayunan dinten anu badé kasorang pamuga urang tiasa nampi katujuh cicirén di luhur,
Amin.

Padukuhan Pakujajar 
Ki H Dr. Natapradja
Share:

Monday, 22 May 2017

catatan Ki Dharmasetiawan: PALASIPAH SUNDA KEUR PAMINGPIN

PALASIPAH SUNDA KEUR PAMINGPIN:
Parigeuing, Dasa Pasanta & Pangimbuhning Twah

I. PARIGEUING

Naskah:
“Parigeuing ma ngaranna bisa nitah bisa miwarang, ja sabda arum wawangi, nya mana hanteu surah nu dipiwarang ja katuju nu beunang malabuh siloka”

Sunda ayeuna:

Parigeuing hartina bisa maréntah, bisa nitah alatan ucapanana anu lemes tur soméah hingga henteu jadi matak ka jalma anu dititahna, teu ngarasa horéam, maranéhanana kapangaruhan ku hasil neuleuman siloka jeung sasmita.

Parigeuing nyaéta palasipah kapamingpinan di masyarakat Sunda numutkeun Naskah Kuna Sangyang Siksa Kanda Ng Karesian. Dina naskah ieu aya pituduh (guidance) jeung paripolah katut tatakrama kumaha hiji jalma jadi pamingpin di masyarakat jaman harita. Parandéné kitu pituduh ieu tetep bakal kacida aya dunana keur pamingpin jaman ayeuna.

Keur ngalaksanakeun Parigeuing urang kudu ngalaksanakeun heula palasipah anu disebut Dasa Pasanta hartina “Sapuluh Paningtrim Haté” anu ngabogaan maksud keur ningtrimkeun haté manusa anu diparéntahna dina ngalaksanakeun pagawéan kalawan ikhlas jeung sumanget anu ngahuru. Kasapuluh paningtrim kasebut bakal diguar di handap:

DASA PASANTA

1. GUNA.
Guna nyaéta Bijaksana, jelasna yén jalma anu dibéré paréntah kudu ngarti kana naon gunana, mangpaat jeung paédahna tina naon anu diparéntahkeunana.

2. RAMAH.
Paréntah kudu ditepikeun kalawan wajar jeung sopan, ramah-tamah, berbudi, hingga anu diparéntah ngarasakeun dibéré pangajén minangka manusa anu ngabogaan ajén diri.

3. HOOK.
Hook nyaéta “kagum”, paréntah kudu ditarima ku anu diparéntah siga hiji hal anu matak pikaresepeun (mengagumkan) sabab ku ayana kamampuhan anu méré (diplomasi).

4. PESOK.
Pesok nyaéta pikabitaeun, paréntah kudu ditepikeun ku cara anu matak pikabitaeun hingga nimbulkeun rasa agul dina haténa.

5. ASIH.
Asih nyaéta nyaah, kudu diusakeun yén anu diparéntah ngarasakeun yén manéhna téh bagéan tina diri anu maréntah, hingga milu tanggung-jawab jeung haté sagemblengna.

6. KARUNYA.
Karunya nyaéta “iba”, paréntah kudu dirasakeun siga “iba” (belas kasihan) jeung ngarupakeun hiji kurnia kapercayaan jeung kemampuhan dirina.

7. MUKPRUK.
Mukpruk nyaéta ngolo, jelasna hiji pamingpin kudu bisa ngolo-ngolo (membujuk), hingga ngakibatkeun yén paréntah téh dilaksanakeunana bari henteu ngarasa dipaksa atawa kapaksa tapi jadi hiji kawajiban anu kudu dilaksanakeun.

8. NGULAS.
Ngulas nyaéta ngaguar, ngabahas, (menganalisa atawa membahas), jelasna pamingpin kudu bisa méré ulasan atawa komentar (tanggapan) kana hiji pagawéan anu dilaksanakeun ku “bawahan” kalawan cara anu wijak.

9. NYECEP.
Nyecep nyaéta muji, méré pujian ku kekecapan nu lemes anu matak ngeunah kana haté.

10. NGALA ANGEN.
Ngala Angen nyaéta “mengambil hati”, bisa narik simpati “bawahan” ku cara nyambungkeun silaturahmi anu wajar anu bisa nimbulkeun rasa kasatiaan (loyal) ka pamingpinna.

III. CATURYOGYA

Dina ahir naskah di aya kalimah kieu:

"nya mana hanteu surah nu dipiwarang ja katuju nu beunang malabuh siloka”

hartina:

Manéhna kapangaruhan ku hasil neuleuman perlambang atawa seloka.

Kecap konci anu bakal dibahas nyaéta “perlambang” atawa “seloka” (Simbol). Naskah saterusna nerangkeun kieu:

Tah ieu amsal atawa silokana: emas, pérak, permata, inten, tah éta anu disebut “caturyogya” atawa “opat pinuji”.

Opat hal anu pinuji saterusna bisa dijabarkeun kieu:

1. Emas: hartina kekecapan kudu bener jeung “tepat”, atawa lima aksara abadi (pancaaksara).

2. Pérak hartina hal anu tingtrim, alus jeung bahgja.

3. Permata, hartina hirup dina kaayaan caang-padang, sugema jeung laluasa.

4. Intén, hartina gampang seuri, murah imut jeung hade haté.

C. PANGIMBUHNING TWAH

Salian ti Parigeuing jeung Dasa Pasanta, dina naskah kasebut aya nu disebut Pangimbuhning Twah, nyaéta pituduh tatakrama dina hirup-kumbuh babarengan (bermasyarakat) supaya manusa hirup ngabogaan dangiang (pamor, bertuah). Bisa dihartikeun yén Pangimbuhning Twah téh ngalengkepan keur ngahongtal ajén, dangiang atawa pamor. Kabéhanana aya dua belas ayeun sim kuring rék nyoba ngabahasna.

Kadua belas tambahan téh kieu:

1. EMÉT.
Emét (saeutikt) hartina dina ngagunakeun hiji hal téh kalawan cara saeutik-saeutik (hemat) supaya dipakéna kalawan hadé jeung teu kaleuleuwihi.

2. IMEUT.
Imeut hartina taliti atawa “cermat”, ngagawékeun hiji hal ulah aya nu kaliwat.

3. RAJEUN.
Rajeun nyaéta rajin, kudu pinter ngamangpaatkeun waktu.

4. LEUKEUN.
Leukeun hartinya “tekun”, digawé kalawan tekun supaya ngahotal hasil anu alus.

5. PALAPRAJEUNGA.
Palaprajeunga hartina pantes, “serasi”, luyu jeung harmonis dina dangdan (hade paké).

6. MAROGOL-ROGOL.
Marogol-rogol maksudna boga niat jeung sumanget sangkan maju, sumanget, teu babari éléhan, atawa ulah kuméok méméh dipacok ceuk paraibasa mah.

7. PURUSA NING SA.
Purusa ning Sa hartina ngabogaan jiwa pahlawan, nangtung panghareupma dina kasulitan, tara nyalahkeun batur, ngaheulakeun tutulung ka batur.

8. WIDAGDA.
Widagda hartina wijaksana, pikiran jeung rasana kudu aya dina kasaimbangan, pikiran kudu bersih jeung adil.

9. GAPITAN.
Gapitan hartinya wani korban demi kayakinan dirina.

10. KARAWALEYA.
Karawaleya nyaéta darmawan, béréhan resep tutulung ka batur.

11. CANGCINGAN.
Cangcingan hartina kesit, gancang dina ngalaksanakeun pagawéan, teu talangké jeung henteu males.

12. LANGSITAN.
Langsitan hartina “terampil”, cekatan jeung loba keakhlian.

Sakitu palasipah titinggal luluhur Sunda anu mudah-mudahan aya paédah jeung mangpaatna keur urang anu jadi ahli warisna

Padukuhan Pakujajar di Pasir Pari
Ki Dharmasetiawan Natapradja
Wisésapradja Yayasan Sawala Kandaga Kalang Sunda.

note:
Ki Dharmasetiawan Natapradja adalah keturununan Generasi ke XV dari Prabu Ragamulya/Prabu Seda (Siliwangi Akhir)






advertising area:

klik detailnya:





klik detailnya:
cookies character and chocolate character KEORABINTANG





kli detailnya:
http://kobong-kita.blogspot.com/2017/05/gurilap-sambal-bawang-kering.html
Share:

Labels

ᮊᮧᮊᮤ ᮎᮒ᮪ ᮛᮥᮙ᮪

ᮖᮗᮧᮛᮤᮒ᮪ ᮕᮧᮞ᮪

KALIGRAFI "BISMILLAH" (HITAM PUTIH)

ᮞ᮪.ᮃ.ᮞ᮪.ᮎ᮪. ᮃᮓ᮪ᮞ᮪

ᮞ᮪.ᮃ.ᮞ᮪.ᮎ᮪. ᮃᮓ᮪ᮞ᮪

ᮊᮧᮔ᮪ᮒᮢᮤᮘᮥᮒᮧᮁ

 
close
| NGAOS | MAMAOS | MAENPO |