PALASIPAH SUNDA KEUR PAMINGPIN:
Parigeuing, Dasa Pasanta & Pangimbuhning Twah
I. PARIGEUING
Naskah:
“Parigeuing ma ngaranna bisa nitah bisa miwarang, ja sabda arum wawangi, nya mana hanteu surah nu dipiwarang ja katuju nu beunang malabuh siloka”
Sunda ayeuna:
Parigeuing hartina bisa maréntah, bisa nitah alatan ucapanana anu lemes tur soméah hingga henteu jadi matak ka jalma anu dititahna, teu ngarasa horéam, maranéhanana kapangaruhan ku hasil neuleuman siloka jeung sasmita.
Parigeuing nyaéta palasipah kapamingpinan di masyarakat Sunda numutkeun Naskah Kuna Sangyang Siksa Kanda Ng Karesian. Dina naskah ieu aya pituduh (guidance) jeung paripolah katut tatakrama kumaha hiji jalma jadi pamingpin di masyarakat jaman harita. Parandéné kitu pituduh ieu tetep bakal kacida aya dunana keur pamingpin jaman ayeuna.
Keur ngalaksanakeun Parigeuing urang kudu ngalaksanakeun heula palasipah anu disebut Dasa Pasanta hartina “Sapuluh Paningtrim Haté” anu ngabogaan maksud keur ningtrimkeun haté manusa anu diparéntahna dina ngalaksanakeun pagawéan kalawan ikhlas jeung sumanget anu ngahuru. Kasapuluh paningtrim kasebut bakal diguar di handap:
DASA PASANTA
1. GUNA.
Guna nyaéta Bijaksana, jelasna yén jalma anu dibéré paréntah kudu ngarti kana naon gunana, mangpaat jeung paédahna tina naon anu diparéntahkeunana.
2. RAMAH.
Paréntah kudu ditepikeun kalawan wajar jeung sopan, ramah-tamah, berbudi, hingga anu diparéntah ngarasakeun dibéré pangajén minangka manusa anu ngabogaan ajén diri.
3. HOOK.
Hook nyaéta “kagum”, paréntah kudu ditarima ku anu diparéntah siga hiji hal anu matak pikaresepeun (mengagumkan) sabab ku ayana kamampuhan anu méré (diplomasi).
4. PESOK.
Pesok nyaéta pikabitaeun, paréntah kudu ditepikeun ku cara anu matak pikabitaeun hingga nimbulkeun rasa agul dina haténa.
5. ASIH.
Asih nyaéta nyaah, kudu diusakeun yén anu diparéntah ngarasakeun yén manéhna téh bagéan tina diri anu maréntah, hingga milu tanggung-jawab jeung haté sagemblengna.
6. KARUNYA.
Karunya nyaéta “iba”, paréntah kudu dirasakeun siga “iba” (belas kasihan) jeung ngarupakeun hiji kurnia kapercayaan jeung kemampuhan dirina.
7. MUKPRUK.
Mukpruk nyaéta ngolo, jelasna hiji pamingpin kudu bisa ngolo-ngolo (membujuk), hingga ngakibatkeun yén paréntah téh dilaksanakeunana bari henteu ngarasa dipaksa atawa kapaksa tapi jadi hiji kawajiban anu kudu dilaksanakeun.
8. NGULAS.
Ngulas nyaéta ngaguar, ngabahas, (menganalisa atawa membahas), jelasna pamingpin kudu bisa méré ulasan atawa komentar (tanggapan) kana hiji pagawéan anu dilaksanakeun ku “bawahan” kalawan cara anu wijak.
9. NYECEP.
Nyecep nyaéta muji, méré pujian ku kekecapan nu lemes anu matak ngeunah kana haté.
10. NGALA ANGEN.
Ngala Angen nyaéta “mengambil hati”, bisa narik simpati “bawahan” ku cara nyambungkeun silaturahmi anu wajar anu bisa nimbulkeun rasa kasatiaan (loyal) ka pamingpinna.
III. CATURYOGYA
Dina ahir naskah di aya kalimah kieu:
"nya mana hanteu surah nu dipiwarang ja katuju nu beunang malabuh siloka”
hartina:
Manéhna kapangaruhan ku hasil neuleuman perlambang atawa seloka.
Kecap konci anu bakal dibahas nyaéta “perlambang” atawa “seloka” (Simbol). Naskah saterusna nerangkeun kieu:
Tah ieu amsal atawa silokana: emas, pérak, permata, inten, tah éta anu disebut “caturyogya” atawa “opat pinuji”.
Opat hal anu pinuji saterusna bisa dijabarkeun kieu:
1. Emas: hartina kekecapan kudu bener jeung “tepat”, atawa lima aksara abadi (pancaaksara).
2. Pérak hartina hal anu tingtrim, alus jeung bahgja.
3. Permata, hartina hirup dina kaayaan caang-padang, sugema jeung laluasa.
4. Intén, hartina gampang seuri, murah imut jeung hade haté.
C. PANGIMBUHNING TWAH
Salian ti Parigeuing jeung Dasa Pasanta, dina naskah kasebut aya nu disebut Pangimbuhning Twah, nyaéta pituduh tatakrama dina hirup-kumbuh babarengan (bermasyarakat) supaya manusa hirup ngabogaan dangiang (pamor, bertuah). Bisa dihartikeun yén Pangimbuhning Twah téh ngalengkepan keur ngahongtal ajén, dangiang atawa pamor. Kabéhanana aya dua belas ayeun sim kuring rék nyoba ngabahasna.
Kadua belas tambahan téh kieu:
1. EMÉT.
Emét (saeutikt) hartina dina ngagunakeun hiji hal téh kalawan cara saeutik-saeutik (hemat) supaya dipakéna kalawan hadé jeung teu kaleuleuwihi.
2. IMEUT.
Imeut hartina taliti atawa “cermat”, ngagawékeun hiji hal ulah aya nu kaliwat.
3. RAJEUN.
Rajeun nyaéta rajin, kudu pinter ngamangpaatkeun waktu.
4. LEUKEUN.
Leukeun hartinya “tekun”, digawé kalawan tekun supaya ngahotal hasil anu alus.
5. PALAPRAJEUNGA.
Palaprajeunga hartina pantes, “serasi”, luyu jeung harmonis dina dangdan (hade paké).
6. MAROGOL-ROGOL.
Marogol-rogol maksudna boga niat jeung sumanget sangkan maju, sumanget, teu babari éléhan, atawa ulah kuméok méméh dipacok ceuk paraibasa mah.
7. PURUSA NING SA.
Purusa ning Sa hartina ngabogaan jiwa pahlawan, nangtung panghareupma dina kasulitan, tara nyalahkeun batur, ngaheulakeun tutulung ka batur.
8. WIDAGDA.
Widagda hartina wijaksana, pikiran jeung rasana kudu aya dina kasaimbangan, pikiran kudu bersih jeung adil.
9. GAPITAN.
Gapitan hartinya wani korban demi kayakinan dirina.
10. KARAWALEYA.
Karawaleya nyaéta darmawan, béréhan resep tutulung ka batur.
11. CANGCINGAN.
Cangcingan hartina kesit, gancang dina ngalaksanakeun pagawéan, teu talangké jeung henteu males.
12. LANGSITAN.
Langsitan hartina “terampil”, cekatan jeung loba keakhlian.
Sakitu palasipah titinggal luluhur Sunda anu mudah-mudahan aya paédah jeung mangpaatna keur urang anu jadi ahli warisna
Padukuhan Pakujajar di Pasir Pari
Ki Dharmasetiawan Natapradja
Wisésapradja Yayasan Sawala Kandaga Kalang Sunda.
Ki Dharmasetiawan Natapradja
Wisésapradja Yayasan Sawala Kandaga Kalang Sunda.
note:
Ki Dharmasetiawan Natapradja adalah keturununan Generasi ke XV dari Prabu Ragamulya/Prabu Seda (Siliwangi Akhir)
advertising area:
advertising area:
klik detailnya:
cookies character and chocolate character KEORABINTANG
0 komentar:
Post a Comment