MUSTIKA RAMADHAN #3
Puasa Gapuraning Ibadah
Geus prah yén agama Islam téh pinuh ku siloka, simbul jeung lambang- lambang. Hal ieu, diciptakeun Allah ta’ala supaya urang babari jeung wanoh kana atikan agama, ku ngarasana kaayaan anu sagemblengna di alaman ku urang. Upamana ku ayana hadits, Miftahul jannah la ilaha illallah, (Konci surga téh nyaéta ucapan teu aya deui Pangéran anging Allah).
Dina kaitan jeung puasa Ramadhan, anu ku urang keur dilaksanakeun, puasa disebut Nabi Muhammad şalallah alaih wasallam minangkana gapura (panto) ibadah. Nabi saw ngadawuh Li kulli syaīn babun, wa babul ibadah as şaumu, (Sagala rupa ogé aya pantona, jeung panto ibadah téh nyaéta puasa). (Az-Zuhud - H.R. Ibn Al-Mubarak)
Nimbang-nimbang ku pentingna gunana ibadah puasa ieu, mangka anjeuna mindeng ngagunakeunana minangka ibadah tarékah keur panghalang tumuwuhna nafsu syahwat, misalna dina hadits riwayat Imam Al-Bukhari ti Ibn Mas’ud, ku urang bisa ditaliti pangajak Rasulullah Muhammad saw ka para nonoman anu acan tatan-tatan keur rimbitan, dianjurkeun supaya puasa, anu dina babasan anjeunna wija’ (kadali).
Dina panalungtikan Sayyid Haidar Al-Amuly misalna, anu nulis kitab Asrararus Syariah wa Athwarul Thariqah wa Anwarul Haqiqah, puasa disebut minangka panto ibadah sabab boga dua guna. Kahiji, puasa bisa jadi hahalang kana hal anu dipantrang ku agama, kadua, puasa hiji panarajang keur ngalawan godaan sétan. Imeutna mah kieu:
Kahiji, puasa boga potensi ngahalangan hal-hal anu dipantrang, ngajaga diri tina nafsu syahwat tur puasa téh ibadah khusus, ibadah rusiah anu ngan wungkul dipikawanoh ku Allah swt. Béda jeung shalat tur zakat, jeung ibadah salian duanana anu masih siga sarua, hingga dicangcayakeun kaasupan rasa reureus jeung hayang katangar. Padahal geus dipimaklum, yén duanana téh alatan utama ditolakna hiji ibadah.
Kadua, puasa mangrupa wangunan panarajang ngalawan sétan, Disebut panarajang sétan, sabab manéhna henteu mampuh ngagoda manusa, kajaba ku jalan nedunan nafsu syahwat. Tah, rasa lapar jeung hanaang téh usaha panghalang keur nalukkeun sagala nafsu syahwat minangka parangkat sétan dina ngagoda manusa.
Lamun parangkat ieu dieuweuhkeun, tinangtu leungitna pamolahan godaan téa. Sabab, Nabi Muhammad saw ngadawuh: “Satemenna sétan téh nunutur putra Adam, sakumaha kamalir getih, kusabab kitu heureutan kamalirna ku lapar.” Ku ayana hadits ieu, urang bisa ngamakllum maksud hakékat hadits Nabi anu diriwayatkeun Abu Hurairah yén Nabi Muhammad şallallahu ‘alaihi wasallam kantos ngadawuh: “Lamun bulan Ramadhan datang, panto-panto sawarga dibuka jeung panto-panto naraka ditutup. Sétan-sétan diborogol. Mangka umajak hiji panggero: “Hé! Sing saha anu mikahayang kahadéan geura ka dieu! Jeung sing saha nu hayang kajahatan, carék diri anjeun! (HR. Turmidzi, Ibnu Majah & Al-Hakim)
Tina babandingan dua hadits di luhur, sigana geus jéntré yén nu dimaksud sétan di borogol téh leuwih keuna lamun dihartikeun yén kasempetan jeung parangkat sétan keur ngagoda manusa di bulan puasa Ramadhan bener-bener geus ditutup, dikadalikeun ku tarékah lapar manusa nu keur puasa. Ku ditutupna kasempetan dina milampah dosa boga harti naraka siksaan ogé geus ditutup, nu aya ngan gawéna nurani manusa keur mulang ka jalan Allah anu ngajak ngajugjug sawarga karidhaan Allah ta’ala.
Satuluyna sakumna balik deui ka diri pribadi urang séwang-séwangan keur ngetrok jeung mukakeun panto ibadah ieu. Urang papag kasempetan nu gedé ajén mangrupa hadiah paparin ti Allah Ta’ala ieu, ku puasa ieu, ibadah-ibadah atawa pangabdian anu séjén jadi muka jeung babari dipilampahna. Pamuga jadi mangpaat.
Barokalluhu walikum!
Padukuhan Pakujajar, 4 Ramadhan 1438 H.
Ki Dr. Dharmasetiawan Natapradja,
Ajar Sunyapada Paguron Luhur Yayasan SKKS.
advertising area:
0 komentar:
Post a Comment